Wilujeng Milangkala

25 November 2013

Gustiโ€ฆ
Ieu jagat teh?
Lumampah di alam dunya
Ceunah darma wawayangan
Usik malik diobah ku dalang

Hirup mah kudu CAGEUR, BAGEUR, BENER, SINGER tur PINTER

***
Rundayan carita mangsa harita
Masih natra dina rasa
Hiji wanci ngahiji diraketkeun ku tali katresna
Urang jaga ulah nepi ka sirna

Gusti Allah, Pangeran Anu Sajati
Kuring neda Welas Asih-Na, kasuhun ka nu janten Imam dina jalan kahirupan sim kuring

Bagja rumah tangga
Najan kadang sok manggih tunggara
Kuring tetep ngawula ka anjeunna
Pinuh ku rasa katresna
Hirup waluya, di beungkeut ku Iman jeung Taqwa
Bekel urang ngempel engke di Surga

Duh Gusti Nu Maha Welas Tur Asih
Disuhunkeun barokah sareng mangpaat yuswa anjeun na
Barokah sareng mangpaat kahirupan anjeun na
Barokah sareng mangpaat lengkah rejeki anjeun na
Barokah sareng mangpaat kasehatan anjeun na

Gusti, tuluykeun nu janten hajat anjeun na

—Akangโ€ฆ
Jaga sing tarapti pangaji diri
Sangkan Illahi masihan Widi
Laki rabi urang sing nepi ka aki nini—